Nyawang bulan ti alun-alun Bandung
katalikung jungkiringna waruga nyolok
panon langit, lolong. Tuluy bulan sasab
di leuweung pireu munara-munara beton
Beu!
Kalah wowotan ku sarébu néon jeung
chiyoda buatan Nipon
Henjung ka ditu bulan. Ka lembur singkur
ka pasisian. Nu pucuk-pucuk awina
tingarulang. Nu tangkal-tangkalna
ngarandakah ngagupayan.
Andika bakal disambat diayeuh-ayeuh
dipirig dibagéakeun diarak disuka-suka
dikawihan dinangna-néngné ku rasa
Henjung!
:Bulan tok bulan tok
aya bulan bet molohok, dicentok
Bulan dung bulan dung
aya bulan indit pundung, ditundung
Oops!
Oops, you forgot something.